Bismillaahirrahmaanirraahiim
maca téori wellen, atanapi wellen theories sakapeung sok hayang seuri sorangan, soalna salian
tina basa ogé anu miboga harti “basa dina hiji wilayah bisa dipangaruhan ku hiji kajadian di wilayah
séjén”, Disagédéngeun éta bisa ogé dilumpatkéun kana kahirupan sapopoé.
Ngan lamun dibalikéun kana kaayaan alam kiwari, aya raket patalina ogé jéung hukum fisika,
aksi = réaksi, sabab =
balukar, contona waé kaayaan alam nu éndah di Bandung, sing sanajan heurin ku
tangtung, tapi béda lamun geus dibéré hujan, runtah ngalayah kotor acak-acakan,
mung saukur hujan, bisa ka kitu.
Naha bet bisa kitu? sing horéng balukarna dina
hasil panalungtikan téh, yén loba kénéh anu mariceun runtah paradu waé, syukur
mun mikir éta runtah tungtungna di gentong runtah, atawa leuwih alus boga
pamikiran geus di tong sampah (gentong runtah) bakal kamana, jeung bakal
dikumahakeun éta runtah, ngan kumaha
dina kanyataan anu katempo boh pelajar malahan henteu saeutik anu statusna MAHAsiswa, ukur kaulinan hungkul poho kana
tangger waler. Ngarinum, ngariung, alus ngan tung-tungna ngalayah runtah di mana-mana,
lain ukur para pélajar, anu daragang gé sarua loba anu runtah téh dijejel-jejelkeun
kana liang pamiceunan susukan, atuh mun hujan téh mudal cai. Padahalmah pamaréntah geus satékah polah kumaha carana ngarah lingkungan hirup bersih.
Teu pati béda jeung di Bandung di Bogor gé sarua, anu arulin ka tempat wisata niatna tadabbur alam tungtungna sing sareblak haté, naha anu bebersih téh ukur jalma nu statusna handap, naha ukur tukang sampah, tukang mulungan runtah, meni ngunggul kitu, sedengkeun lobana mung saukur maké jeung miceun tapi henteu merhatikeun kana balukarna.
Éta sampah, béda deui jeung angin anu jadi sabab-musababna, enya kitu? Bogor kota hujan geus katelah, ngan naha ku angin jeung ku hujan bisa kieu? Tatangkalan sapanjang jalan rarubuh, ngenesna éta tangkal aya nu ninggang kana imah jeung hiji pabrik, ogé panggilingan béas, musibah teu di ditu téu dieu, komo mun ningali di luarmah haseup, aya naon atuh ieu téh?????? |
Tapi mun balik deui kana sajarah dina Al-Quran,
boh dina Surah Ad-Dukhoon, dina surah Ar-Rum, atawa dina sajarah nabi Nuh Jeung réa-réa deui, ieu téh balukar urang kabéhan,
lain saukur pamingpin atawa individu masing-masing, ieu téh tos diuningakeun ku gusti Allah yén geus
nyampak karuksakan di darat jeung di laut, dibalukarkeun ku paripolah leungeun
manusa yén Allah ngelingkeun maranéhna sabagian balukar lalampahannana, sangkan maranéhna
balik deui ka jalan nu bener. (Ar-Rum 41)
lahaulawalaa kuwwata illaa billaah